Postingan

Menampilkan postingan dengan label sastra

kasarad

cerita pendek ini dimuat di majalah online "salaka" edisi September 2010 KASARAD ku Mang Japon Basa panonpoé manceran luhureun sirah, Ubéd masih ngaragameneng di basisir kidul, sasakali ombak laut noélan sukuna, atawa kadang méh nepi kana tengah bitisna. Tapi Ubéd tetep ngajentul bari merong ka tengah laut. Pikiranana masih leleb mikiran kajadian bieu, basa manéhna paguneman jeung Malin Kundang. “Manéh nu ngaran Ubéd téh?”ceuk Malin Kundang harita. “Sumuhun. Tapi saha atuh andika?” témbal ubéd harita, héran nempo jalma nu ujug-ujug aya hareupeunana bari maké papakéan nu teu ilahar pikeun ubéd. “Aing Malin Kundang, ngahaja nepungan manéh” ceuk Si anyar pinangih nu ngaku ngaran Malin Kundang téh. Ubéd masih ngahuleng sajongjongan, pok kadéngé jalma nu ngaku Malin Kundang the nyarita deui “Manéh apal ka Malin Kundang, lin?” “Mun teu salah Malin Kundang téh jalma anu doraka ti indung” “Tah geuning nyaho. Nya aing pisan jelemana nu ceuk batur doraka ti indung téh” “Tapi sak...

bapung argawi

cerpen ini dimuat di majalah cupumanik no. 84 Juli 2010 Ngarana Bapung Argawi, lengkepna Bapung Argawi Jayamangukna, pangawakan simbar dada, kumis cokrom méh nuruban biwir nu rada kedewil. Na leungeun kénca geulang bahar meulit sagedé jempol, ari ramo riil ku batu ali wulung sagedé-gedé siki karét, sirah tara lésot ti totopong nuruban buukna nu rada jocong. Ari pakéan da tara elat ti kamprét hideung atuh. Umurna tacan kasebut kolot-kolot teuing, taksiran moal leuwih ti opat puluh tujuh taunan, ngan matak sok disebut bapung sotéh da éta mah kahayangna. Mun di sebut amang téh sok muncereng ngembang wéra. “Bapung Argawi siah, lain mumung mamang!” kitu kapan pok na ogé. Datang ka lembur Datar Gombong tacan pati lila, kakara bubulanan, da asli na mah urang wétan cenah, aya di lembur Datar Gombong sotéh pédah bubuara, nuturkeun pamajikanana, bi Saodah anak almarhum abah Sutarja kuncén gerot gunung Béntang, pituin urang Datar Gombong pisan, nu kaparengan lalagasan sa enggeus di tinggal maot k...