Postingan

Menampilkan postingan dari Januari, 2011

Baramaen

Geus moal inget deui kumaha ramena sora barudak di sakola manehna. Leungeun nu ngan sakitu-kituna terus nadah menta kalengna dieusi receh. Daki nu pinuh sakujur awak jadi jimat diajar hirup di alam nyata. Impian mah geus kamana boa Basa manehna mimiti turun ka parapatan Leupas saragam, ganti patlot ku kaleng tilas susu 2010 Yudi Hamzah (dimuat di Majalah Salaka Online)

Geseh

:Japarsidik Mongklengna hate nutup kasolehan salira muka lalangse. Sakur nu karampa ukur ciciptaan rasa anu marojengja. Anjeun tetep tumanya naha tara cocog jeung lelembutan, basa mireungeuh kesang nu kaluar teu saimbang jeung lambar nu katarima. Ceurik budak teu katahan ku huapan sangu aron nu geus tilu poe nyayang dina awak leutikna. “Hampura Apa, anaking”. Rahuh nu moal katepi ku dunungan. 2010 Yudi Hamzah (dimuat di Majalah Salaka Online)

Har?

Gening deet? Hanas kuring mekel kukumbul Gening deukeut? Hanas kuring lulumpatan Gening poek? Hanas kuring sosoranganan Gening kieu? Hanas kuring teu bebekelan heula memeh dikurebkeun 2010 Yudi Hamzah (dimuat di Majalah Salaka Online)

Halodo Kasorenakeun

Basa angin ngahaleuangkeun sora anjeun, manehna ngan ukur bisa imut nahan kanyeri Taya nu bisa mindingan kereteg hate basa hujan cimata nganteur anjeun ngagentaan “na saha atuh jelemana anu sakitu iklas ngaleupas kuring?” sora anjeun harus sasmitaan Kuring ukur gugupay basa halodo kasorenakeun. 2010 Yudi Hamzah (dimuat di majalah Salaka online)

aneka rupa elmu teluh

Percaya kana mistik pikeun sawaréh urang Indonesia hususna urang Sunda mah lir ibarat percaya ka diri sorangan, éstuning geus jadi kulit jadi daging téh boa lain bobohongan, teu kitu kumaha lantaran geus aya ti puhuna kénéh, nyaéta tina animisme jeung dinamisme téa, nu geus ngakar jadi kapercayaan para karuhun urang. Béh dieu hal-hal nu sifatna mistik téh sacara fungsi jadi ngagésér, nu asalna pikeun kabutuhan réliji/sacral - spiritual jadi ritual - sérémonial, contona larung saji di Palabuan Ratu nu asalna pituin upacara jang nu goib (nyuguh Loro Kidul) kapan ayeuna mah geus leuwih kana aspek sérémonial jang narik Turis, atawa gagaman keris misalna, kapan jaman baheula mah keris téh dijieun jimat, dikukusan dimandian ngala tuahna, ari ayeuna geuning jadi bahan pajangan di imah-imah gedong (pikeun élemén éstétis). Tapi kukituna teu kabéh jalma ingkar tina mistik, malah lain ngan ukur golongan biasa baé tapi kaom intelék jebolan paguron luhur nu cenah geus dibekelan ku élmu logika o