Postingan

Menampilkan postingan dari Februari, 2011

Dosen Darman

Papanggih jeung manéhna téh aya meureun dua atawa tilu taun katukang. Mun teu salah mah waktu balik pere lebaran haji. Papanggih teu ngahaja, basa kuring meuli pulsa, kabeneran nu boga conter pulsa téh horéng manéhna. Lantaran geus lila teu panggih atuh nu tadina ngan ukur rék meuli pulsa téh jadi lila kapegat ku ngobrol heula. Cenah basa lésot gawé ti Jakarta manéhna tuluy balik ka lembur, muka conter pulsa, da geus bosen gawé di batur. Manéhna téh babaturan waktu kuliah di Bandung, najan teu sakampus tapi kulantaran dilembur gé natangga tur sarua papada resep maca atuh jeung manéhna téh jadi akrab pisan, mun salah saurang boga buku anyar téh sok silih injeumkeun. Baheula mah keur leutik jeung manéhna téh batur ulin Babancakan atawa Ucing hui, sok inget ari geus silih sebutan jeung Si Ferdi, pajar téh “ Si Darman nongtot bool “ cenah, pédah Darman mah sok resep maké calana beureum. Teuing naon sababna jaman harita mah mun aya nu maké calana beureum téh sok pada nyebutan nongtot boo