Postingan

Menampilkan postingan dari Agustus, 2010

ago-nda

Gambar
Jika saja semua manusia memiliki naluri ketertarikan yang sama, tentu tidak akan terjadi begitu banyak keragaman diantara kita. Begitu juga dengan temanku yang satu ini. Ia memilih mengakhiri masa sendirinya dengan menikahi wanita yang juga juniornya di kampus. Entah apa yang ada dalam pikirannya ketika mereka masih kuliah. Segala memori tentunya telah menghias hari-hari mereka sekarang. Hubungan senior – junior berubah menjadi hubungan yang suami-istri yang harus bisa saling melengkapi. Segenap memori yang terlintas semoga menjadikan mereka lebih dewasa menghadapi segala rintangan hidup dan senantiasa bekerjasama menjelajahi kehidupan rumah tangga..... Kami segenap keluarga dan sahabat hanya bisa mendoakan yang terbaik untuk kalian..... Kabahagian kalian adalah kebahagian kami, kawan.

saleh sudrajat

Gambar
dimuat di majalah cupumanik no. 85 Agustus 2010 Dua taun katukang aya Urang Sunda nu geus nyieun pagawean nu teu bisa dianggap enteng. Manehna ngapung sorangan ti Sabang ka Merauke make pesawat Microlight nu biasa oge disebut trike. Lalampahan nu munggaran dipigawe ku urang Indonesia ieu jadi salah sahiji cara pikeun leuwih ngama’naan arti saabad Kebangkitan Nasional 2008. “kuring ningali Indonesia geus mulai leungiteun karakter bangsa nu saterusna urang ngalaman keterpurukan selaku bangsa nu gede” ceuk Saleh Sudrajat, waktu harita ditepungan di Lanud Sulaeman nu sakaligus jadi posko pencarian trike nu leungit di wilayah kidul. Bapa dua putra kalahiran Bandung, 24 Januari 1952 ieu kiwari gawe di Sussi Air, sanggeus pensiun ti Bank Mandiri taun 2007. Waktu diajak nyarita kagiatanna di Wanadri, Saleh nataan sababaraha ekspedisi nu kungsi dipilampahna. “ salian ngadaki gunung nu aya di Jawa jeung luar Jawa, kuring oge nyusur Sungai Cimanuk make rakit nu dijieun tina gebog cau. Eta nu jadi

dindin; pengusaha sepatu cibaduyut

dimuat di majalah cupumanik no. 85 Agustus 2010 Moal aya nu bireuk deui ka daerah nu ayana di beh Kidul Terminal Leuwipanjang, Bandung. Sentra Sepatu Cibaduyut, minangka salah sahiji daerah tujuan wisata di Bandung. Hiji wilayah nu kakoncara ka sakuliah Nusantara ku sapatu buatanna nu boga ciri mandiri. “ baheula sapatu Cibaduyut dikenal ku sapatu bomis (meuli rebo rusak kemis-pen), tapi image eta mulai leungit ku ayana usaha ti para pengrajin sangkan sapatu Cibaduyut leuwih berkualitas.” Ceuk Dindin Kurniadi, salah sahiji pengusaha pengrajin sapatu di Cibaduyut. “ Sapatu Cibaduyut kungsi ngalaman masa-masa jaya, ngan hanjakal ayeuna kondisi di Cibaduyut terpuruk deui.” Sambung Dindin. Nu jadi cukang lantaran industri sapatu di Cibaduyut terpuruk teh salah sahijina ku ayana perdagangan bebas. “Di Cibaduyut geus loba pisan sapatu-sapatu buatan luar Cibaduyut nu kualitasna dihandapeun kualitas Sapatu Cibaduyut. Hal eta saeutikna mangaruhan kana persepsi wisatawan nu daratang ka Cibaduy

Pendidikan Dasar Wanadri 2010

Gambar
laporan ini dimuat di majalah cupumanik no. 85 Agustus 2010 (versi sebelum diedit oleh editor majalah) Saha wae nu sok aktip dina kagiatan di alam terbuka di Indonesia pasti wanoh ka Wanadri, perhimpunan pendaki gunung jeung penempuh rimba munggaran nu aya di Indonesia. Diadegkeun di Bandung, tanggal 16 Mei 1964 Wanadri boga 21 angkatan tur ngayakeun pendidikan pikeun narima anggota anyar ti taun 1964 nepi ka kiwari. Pendidikan Dasar Wanadri (PDW) diayakeun dua taun sakali, tapi teu nutup kamungkinan mun PDW diayakeun kurang atawa leuwih ti dua taun. Kamari Cupumanik ngahajakeun datang ka Situ Lembang, nyaeta daerah latihan Kopassus nu ayana di antara Gunung Burangrang jeung Gunung Tangkuban Perahu. Jalan ka lokasi latihan kawilang alus ayeuna mah, sabab ku motor matic jeung mobil sedan ge bisa nepi kaditu. Akses ka Situ Lembang jadi rada alus sabada Wanadri nu gawe bareng jeung kopassus jeung organisasi lian ngayakeun Gladian Pecinta Alam sa-Indonesia di taun 2008. Harita aya kurang l

bapung argawi

cerpen ini dimuat di majalah cupumanik no. 84 Juli 2010 Ngarana Bapung Argawi, lengkepna Bapung Argawi Jayamangukna, pangawakan simbar dada, kumis cokrom méh nuruban biwir nu rada kedewil. Na leungeun kénca geulang bahar meulit sagedé jempol, ari ramo riil ku batu ali wulung sagedé-gedé siki karét, sirah tara lésot ti totopong nuruban buukna nu rada jocong. Ari pakéan da tara elat ti kamprét hideung atuh. Umurna tacan kasebut kolot-kolot teuing, taksiran moal leuwih ti opat puluh tujuh taunan, ngan matak sok disebut bapung sotéh da éta mah kahayangna. Mun di sebut amang téh sok muncereng ngembang wéra. “Bapung Argawi siah, lain mumung mamang!” kitu kapan pok na ogé. Datang ka lembur Datar Gombong tacan pati lila, kakara bubulanan, da asli na mah urang wétan cenah, aya di lembur Datar Gombong sotéh pédah bubuara, nuturkeun pamajikanana, bi Saodah anak almarhum abah Sutarja kuncén gerot gunung Béntang, pituin urang Datar Gombong pisan, nu kaparengan lalagasan sa enggeus di tinggal maot k