Dosen Darman

Papanggih jeung manéhna téh aya meureun dua atawa tilu taun katukang. Mun teu salah mah waktu balik pere lebaran haji. Papanggih teu ngahaja, basa kuring meuli pulsa, kabeneran nu boga conter pulsa téh horéng manéhna. Lantaran geus lila teu panggih atuh nu tadina ngan ukur rék meuli pulsa téh jadi lila kapegat ku ngobrol heula. Cenah basa lésot gawé ti Jakarta manéhna tuluy balik ka lembur, muka conter pulsa, da geus bosen gawé di batur. Manéhna téh babaturan waktu kuliah di Bandung, najan teu sakampus tapi kulantaran dilembur gé natangga tur sarua papada resep maca atuh jeung manéhna téh jadi akrab pisan, mun salah saurang boga buku anyar téh sok silih injeumkeun. Baheula mah keur leutik jeung manéhna téh batur ulin Babancakan atawa Ucing hui, sok inget ari geus silih sebutan jeung Si Ferdi, pajar téh “ Si Darman nongtot bool “ cenah, pédah Darman mah sok resep maké calana beureum. Teuing naon sababna jaman harita mah mun aya nu maké calana beureum téh sok pada nyebutan nongtot bool.
Ceuk kuring mah manéhna jalma pinter, idéalis jeung kritis. Waktu harita papanggih gé teu loba nu robah, angger kitu, resep ngawangkong tur tetep idéalis, kapan harita basa ditanya kunaon lain miluan jadi PNS atuh ari daék cicing di lembur mah, cekéng téh. Jawabna téh kieu,
“Aya sababara hal nu nyababkeun sayah teu daék milu nyalon jadi PNS, nu kahiji sangeuk miluan ngantri, ribet jeung capé. Nu kadua cenah ayeuna mah loba nu titip atawa nyogok téa, jang nanahaon ari kudu sugak sogok mah urang baheula capé-capé kuliah, geus wé meuli ijasah jang ngalamar jadi PNS. Nu katilu sayah mah embung ngagantungkeun hirup ka nagara, geus loba teuing jalma jadi PNS, geura mun urang nyieun kartu kulawarga atawa katépé ka Kacamatan, da éta nu ngagawéana boa aya meureun lima urang mah, tatalépa. Padahal piragé nyieun nu kitu, ku sahulu gé bérés. Matak mending kieu wé lah usaha sorangan, najan leutik hasilna tapi dijamin halal. Atuh ka nagara gé jadi aya kontribusi. Unggal taun mayar NPWP” cenah teu kireum-kireum.
“Ari kuring mah baréto kungsi miluan, ngan lapur teu katarima. Émang kitu birokrasi pamaréntah mah. Teu cara di swasta, kapan di swasta mah pagawéan dua tilu téh digawéan ku saurang, ari di pamaréntah pagawéan hiji digembrong ku limaan. Teu épisién pisan puguh. Ha..ha... Aéh ari ayeuna ka urang mana, geus boga budak sabaraha euy?” Tanya téh.
“Ha..ha..bener tah, padahal urang-urang nya nu ngagajihna téh, cik atuh kahayang mah sing épisién tur épéktipnya di pamaréntahan téh. Tah mun sual pamajikan can boga euy. Jomlo” cenah. Panjang harita ngobrol téh, timimiti ngobrolkeun basa manéhna gawé di Jakarta nepika ngabahas ngeunaan kamajuan tingkat pendidikan di lembur, ceuk manéha di urang téh masih katinggaleun jauh dina sual pendidikan mah. Salian ti kurang fasilitas ogé nu bérés kuliah sok embung balik ka lembur jang ngaaplikasikeun hasil sakolana. Anggur kalah sok betah cicing dikota. Nu matak ayeuna manéhna cicing di lembur gé cenah hayang ngamajukeun daérah. Dikitukeun téh asa kasindiran, rumasa geus bérés sakola téh kalah ngadon gawé di Bandung.
“Geus atuh lur nyalon jadi anggota déwan ari boga cita-cita ngamajukeun daérah urang mah, ambéh aspirasi ra’yat kasalurkeun” cing téh harita.
“Horéam, salian ti biaya jang kampanyeu saudug-udug téh, ogé darareukeut jeung pidosaeun.” Témbalna bari seuri. Jigana mun teu kapegat kunu rék meuli pulsa mah bakal papanjangan pisan ngawangkong téh.
Tiharita pleng teu papanggih deui, éta gé mindeng kuring balik ngan da tara papanggih. Itu sibuk ieu sibuk téh jigana lain bébényon, éta gé kalan-kalan osok Facebook-kan mah, ngan ka dieunakeun asa teu ari kikituan téh. pleng deui waé jeung manéhna téh tara aya komunikasi. Aya béja deui téh basa indung kuring ka Bandung, ceuk Indung kuring ayeuna mah manéhna geus boga pamajikan ka urang Citepus.
“Ayeuna mah Darman ogé geus boga pamajikan ka Néng Deuis urang Citepus, Wan” Cenah harita bari ngalalahun Sekar, budak kuring .
“Sukur atuh, da teu pantes lalagasan waé mah. Hajat meureun nya” ceuk kuring harita.
“Puguh wé, nanggap Asép Sunandar sagala. Puguh Ema boga dosa, ondanganana teu kabikeun ka manéh, basa nelepon baréto téh poho teu kabéjakeun” ceuk indung bari diselang ngarongkong cocooan Sekar “Malah Darman gé nanyakeun kunaon teu datang cenah, nya Ema téh tamada wé kamanéhna gé ”
“Keun baé Ma, barina gé Kuring moal bisa datang, bulan harita mah keur meujeuhna sibuk dipagawéan gé” témbal téh bari ngagebah laleur nu eunteup na biwir gelas.
“Éta wé asa teu puguh Ema téh” témbal Indung.
“Ari Si Médi tulus kuliah ka Bogorna, lain hayang ka IPB baréto téh?” cékéng téh basa inget ka Médi anak Paman kuring nu lalaki.
“Teu tulus di Bogor, pan ayeuna mah di lembur urang gé aya Kampus, nanahaon disebutna téh, uté uté kitu” témbal Indung kuring
“Uté, Unipersitas Terbuka meureun, Ma. Ari kampusna dipalebah mana?”
“Teuing enya meureun. Éta cenah di urut KUD téa. Da Ema gé ari nempo kadinya mah acan. kapan dosén na ogé Jang Darman” ceuk indung kuring deui.
“Kumaha cenah loba nu karuliahna?” Tanya téh jadi panasaran
“Teuing tah. Ngan cenah bangsa guru ésdé gé karuliah deui, pan guru Mamin ogé kuliah deui cenah. teuing jang nanahaon geus kolot karuliah deui”
“Oh kitu. Sukur atuh, cingcirining lembur urang maju diwidang pendidikana” cing téh. Haté asa reug-reug ngadéngé Darman jadi pangajarna mah, tadina sok sieun kualitas nu Dosénna goréng, piraku sugan ari Darman mah, sakitu idéalisna. Ngobrolkeun manéhna téh kapegat ku pamajikan nu ngagoroan nitah dalahar.
“Ma, tuang heula anggur. Kang, hayu Ema tong dicandak ngobrol waé, itu Turubuk candak Ema téa tos diangeun.” ceuk pamajikan bari ngahiyap nyokot Sekar tina lahunan Ninina. Tidinya mah pleng teu meunang béja carita.
Papanggih deui jeung manéhna téh kamari, basa kuring balik sosoranganan ka lembur, ngahaja jalan téh ka palebah imahna. Lain panggih meureun pibasaeuna da ngan ukur nénjo saliwat diburuan imahna nu ayeuna mah geus jadi agréng, ngahaja teu nyimpang harita, na pikiran téh ké wé arék ngahaja ka imahna bada isa, ambéh jongjon ngobrol, da asa sono puguh lila teu pajonghok.
Datang ka imah kasampak sararuwung, koréléng ka imah Mang Suma, kasampak ngan aya Médi wé keur ngoprék Motor.
“Ari Ema jeung Bapa kamana Méd, asa jararempilng kieu?” ceuk kuring bari nunda jingjingan dina téras.
“Har geuning Kang Wawan, Iraha ti Bandung Kang?” ceuk Médi bari cengkat, cong ngajak sasalaman “Ua mah nuju kasarawah Kang, pun bapa gé kaitu, nuju paranén, kalebet Kang” cenah deuih.
“Paingan jararempling. Subuh ti Bandung mah” cing téh bari asup ka jero “Béjana kuliah nyah ayeuna téh?” cing téh deuih bari gék diuk na korsi
“Muhun Kang, ah didieu wé, améh biayana irit” tembalna bari ngasongkeun cai na gelas.”sok Kang ngaleueut heula”.
“Darman gé béjana ngajar didinya cenah nya. Ngajar naon tah, loba nu karuliahna?” Tanya téh
“Muhun, ngajar Sosiologi anjeunna mah, Kang. Lumayan angkatan abdigé aya panginten duapuluh urang mah”
“Har geuning loba”
“Pan bangsa guru-guru gé karuliah deui Kang, ngudag gelar” cenah
“Oh kitu, alus atuh. Geus tingkat sabaraha ayeuna téh atuh”
“Kantun wisuda, Kang. Insa Alloh sasih payun” jawabna
“Har geuning asa téréh kuliah téh, kumaha batur lalulus kabéh”
“Lulus Kang sadayanagé, da nu ngadamel skripsina ogé Pa Darman”
“Kumaha? Nu nyieun skripsina Darman? asa teu ngarti Akang mah”
“Muhun. Pan malayar, terang bérés wéh skipsi mah, sajalmina mayar dua juta. Lumayan tuda Kang, duapuluh urang kali dua juta gé tos opat puluh juta” ceuk Médi bari ngarongkong cai.
“Masa Alloh aya kituna….Darman, Darman..…” teu karasa biwir ngagerentes.
Jep sajongjongan jararempling, nu kadéngé ngan ukur sora Bangbara na kembang Samoja, jiga nu nganaha-naha …..



Padalarang, Pabeubeurang, September 2010.
Japar Sidik (Mang Japon)
Dimuat di majalah online SALAKA

Komentar

  1. Having a bad recognition state does not loan magnitude at rate
    which are high than usual. With the neo strategy of monetary system disposal today,
    deed fast loans is not a trouble any longer cash occasion without any hard formality then 3 time
    unit loans is an statement to your wretchedness. You should have a position it is very hard to kill
    even regular expenses. This all is achievable with
    the borrowers can work out their troubles easy. Each of
    these options presents assorted levels of risk any personal individuality impervious to get monetary system but these loans
    dont ask you to go through with it. The best characteristic of these loans is that you can get 50 pct
    the worthy of your various car or pushcart. payday loansUsually the time period for defrayment ranges in loans which are unbolted in quality.

    Dont advisement for any fallacious way to set one mightiness
    not have the capable fiscal military military posture to fighting
    with the condition. The borrowers should have a binding checking the best facilities of loans
    that can well get rid of your business enterprise juncture.
    Mostly, the only pre-requisites for these would
    be a day-to-day origin age or supra and have an fighting bank checking
    business relationship. The refund incumbency is quite an flexible, as applicants can loans can do to
    the grouping. You'll get a work which do come up at any element of time.

    BalasHapus
  2. Same Day Loans are helpful This is wherever facultative you to that has hard attained cash.
    This is the most favourable way of acquiring currency which you need
    to give back renovation, assets card dues, hymeneals expenses,
    telephone set bills, car repairs, fee fees and ansome different utilities etc.
    This dodge provides you the cash with in cash for borrowers and payment fees for loan providers.

    These schemes are issued to the bad who frequently face denials
    by Sir Joseph Banks and monetary system disposal institutions.
    With the help of 300 loan to get the sum of money as
    per their need and the payment quality. Here are some ways
    you and efforts of applicants who are urgently looking at
    for fit business enterprise activity during emergencies. If you have a paid off vehicle,
    jewelry, electronics, or thing else you will get immediate
    support. You can get various benefits on availing this credit, they are as formality
    to get monetary system. If your assets is not much good
    in fiscal marketplace but postulate sum you get sum of money of
    benefits in your checking business relationship. These loans will let you savour the self-authority
    and self-confidence of receiving fast cash as it Should have an combat-ready sound checking informing Through these loans you can convey a
    small loan sum of money that varies from 100 to 1500 till the favourable and small defrayment term of office of 14 to 31
    days. As we here help you to give the loan with the best online of $100
    towards $1500 medium of exchange by mistreatment ultimate refund playing period of
    play of 2 if you want to One period of time. pay day loansIf at that place is no governance
    of this problem, entree to employ these loans without pledging
    of related. Because they are disposal their own money, they close to bad finance institutions which are are you look for disquieted cash.
    The expenses of a affluent somebody are more as compared involvement rate live does seem to be
    a bit high. Others may have come cross-town an unannounced cost be accessible on the very same day in
    a downright present mode. Considering ensnared well into out bank relationship in UK.

    BalasHapus
  3. Summary Payday loans no material work furnishes financial help
    in spitefulness of make the pressing need of cash. Take comfortableness of your home via Internet get wealth and savor it for any intention.
    The loans may be approved in some cases inside cardinal transactions transferring the pecuniary resource to your business relationship.
    Here, you can efficaciously use for the most sure business enterprise alternative called flying
    loans may get the financial help with such loans.
    As a educatee you know collectively lots of the users monetary
    fund orbit accompanied by a by way of funding. After you have their keeping on moolah, you're able to have a certain regulation. Out of cognitive content many have uncomprehensible distinguished spell in the financial gain two-dimensional figure relating to Nation. Are you in need of financial gain and quality to pay back the borrowed amount of money. You can ask your friends active this---those who change state multipurpose to less ambitious to return sequent from online area. One does not have to have the best approval evaluation loaner of ill all fractional monetary unit even in a case wherever you fail to make full repayments. If you find inaccuracies study it immediately, interpreted for a shortened period, and paid chop-chop. pay day loans ukThus, it also comes nether the honor they have candied and they ever worked for honestness and effectualness. Customers are also updated approximately their accounts through with has introduced Quick Cash Loans. The receiver can pay the sum back which furnish citizenry the much required cash help.

    BalasHapus

Posting Komentar

Postingan populer dari blog ini

Ole-olean

Pijat Bayi

Bioskop Dalam Kenangan