bapung argawi
cerpen ini dimuat di majalah cupumanik no. 84 Juli 2010
Ngarana Bapung Argawi, lengkepna Bapung Argawi Jayamangukna, pangawakan simbar dada, kumis cokrom méh nuruban biwir nu rada kedewil. Na leungeun kénca geulang bahar meulit sagedé jempol, ari ramo riil ku batu ali wulung sagedé-gedé siki karét, sirah tara lésot ti totopong nuruban buukna nu rada jocong. Ari pakéan da tara elat ti kamprét hideung atuh. Umurna tacan kasebut kolot-kolot teuing, taksiran moal leuwih ti opat puluh tujuh taunan, ngan matak sok disebut bapung sotéh da éta mah kahayangna. Mun di sebut amang téh sok muncereng ngembang wéra. “Bapung Argawi siah, lain mumung mamang!” kitu kapan pok na ogé. Datang ka lembur Datar Gombong tacan pati lila, kakara bubulanan, da asli na mah urang wétan cenah, aya di lembur Datar Gombong sotéh pédah bubuara, nuturkeun pamajikanana, bi Saodah anak almarhum abah Sutarja kuncén gerot gunung Béntang, pituin urang Datar Gombong pisan, nu kaparengan lalagasan sa enggeus di tinggal maot ku salakina nu ragrag tina tangkal kalapa, nya pruk di kawin ku Bapung Argawi.
Sanajan mangkuk di Datar Gombong kakara bubulanan, tapi ka Bapung Argawi mah saha nu teu bireuk, méh unggal poé sok aya waé barudak nonoman nu arulin ngadon nangap lalakon bapung Argawi. Timimiti nyaritakeun asal usul kulawargana, nu cenah masih kénéh runayan sultan, ngalalana ngalap kadugalan, tarung jeung maung, ngaburak barik rampog, nepika nalukeun raja siluman nu ngageugeuh sagara wétan. Meni sok ngabudah mun keur ngalalakon téh ceuk si Arud mah. Jiga soré harita di tepas Bapung Argawi katémbong si Bapung keur di tanggap lalakona ku Jang Somad, si Dadun, jeung si Arud.
“Ké, ké, bapung, naha éta jawara téh maké apaleun ka bapung sagala. Jauh-jauh ti alas peuntas maké ngadon ngajajal ka bapung? Ceuk si Somad kadéngé nanya bangun panasaran.
“Hih ari ilaing Somad, kapan aing baheula pernah ngajajah milangan kori di alas peuntas. Tah harita aing di lemburna pernah nyangkalak maung anakan nu keur ngamuk, ngan jeung manéhna aing harita teu papanggih, matak manéhna nyusul hayang nyoba ulin silat aing, panasaran meureun” ceuk Bapung Argawi bari ngusapan batu ali wulung na curukna.
“Kumaha tah Bapung basa manéhna anjog ka bapung?” ceuk si Dadun bari ngarongkong beuleum sampeu na piring kaléng.
“Ah eueweuh nanaona euy, can ngésang-ngésang acan aing gé, geus katurelengan tah mangkeluk téh. Padahal teu pira ku aing téh euy, ngan di suguhan ulin Suliwa, éta ogé kakara dina bukaan nu kadua” témbal Bapung Argawi bari ngarobah sila, leungeun pepeta acos acosan.
“Har sanés kukupingan téh anu di ulik ku bapung mah ulin Cimandé, sanés?” si Arud rada kerung.
“Euh..kapan aing mah ulin Suliwa ogé becus” ceuk bapung rada muncereng. Nempo bapung rada muncereng, rikat si Arud nyarita.
“Ih ari ilaing kos teu apal bapung waé, bapung mah kabéh ulin maénpo ogé ngawasa. Sanés kitu bapung” pokna bari rada ngosom, da sungut kaganjel ku beuleum sampeu.
“Heueuh, aing mah diajar gelut tilelemut diajar paséa tibubudak, ulin naon-naon ogé ku aing mah di teuleuman. Suliwa, désti, peupeuhan, pamonyét, pamacan, cantayan, dépok, cibarusah, cikalong, cimandé, kabéh deuleu kabéh ku aing mah kacangking” pokna bari menerkeun totopongna nu rada déngdék.
“Percanten bapung, percanten” ceuk nu tiluan méh bareng.
“Sanés éta bapung, saurna bapung mah tiasa nganjang ka alam siluman sagala” ceuk Jang Somad bari ngarongkong citéh na gelas, regot di uyup bangun nikmat.
“Puguh wé deulueu, gampang hayang ulin ka nagara siluman mah” tembalna
“Tiasa panginten éta élmu téh di wariskeun ka abdi panginten bapung?”
“Jang nanahaon. Paling gé ilaing mah kakara nempo curuk silumanna ogé geus ngayekyek. Barina gé moal kuat euy meuli na. Opat puluh poé opat puluh peuting aing gé teu nyatu kéjo, bari kudu cicing di luhureun parako, deuleu”
“Ah, mending bedo atuh ari kitu mah” ceuk nu tiluan.
Mun teu di tepas imahna, Bapung Argawi sok pada nangap téh di warung bi Cioh, nu pernahna Belah kaler, percis di parapatan jalan. Ari ngaran di warung téa kapan, jelema téh jol itu jol ieu, matak teu héran mun ngaran Bapung Argawi geus kakoncara, jawara sakti mangulang mangguling. Béja ngaran na ogé, nepika buntut kuya ogé kapan bisa jadi sadeupa, nya kitu deui ieu, sagala kasaktian Bapung téh tina bisa maéhan maung hiji kapan jadi sawidak, tina jampé kabuhulan nepika jadi ajian kilat braja sagala, pokona mah jawara rongkah wéh nu ngaran Bapung Argawi téh.
Kacaritakeun dina hiji poé, di lembur Datar Gombong ujug-ujug guyur, yén ka Bapung Argawi aya nu nangtang. Jawara pamuk nu teu teurak di kadék, boga élmu batara karang sagala cenah. Ceuk nu saurang éta jawara téh ti Pasir Luhur, ceuk nu sawaréh deui ti Jampang Wétan, muridna ki Gombong Condong. Teuing mana nu bener ngan guyur wéh. béja pa béja béja, béja di béja keun deui malah geus tanggtu sagala poé der na ijén wewesénna ogé. Poé jumaah cénah. Teuing saha nu mawa éta béja téh. Salelembur mah geus ibur wéh pajar éta jawara sakti téh na poé jumaah rék ngajorag ka Bapung Argawi.
Sabada jumaahan di warung bi Cioh jalma nu hayang nyaksian ijén jajatén geus ramé.
“Kabayang euy bakal piraméeun yeuh nu tarung téh. Nu hiji terah wétan, muridna ki Arya Balagadona Jayawisesa jawara kahot titatar wétan, nu hiji murid ki Gombong Condong jawara pamuk ti pajampangan. Ragotlah ragot” ceuk mang Odang.
“Ceuk saha euy, manehna murid Ki Gombong Condong?” ceuk Mang Manta.
“Sugan dewek mah” tembal Mang Odang bari ngaléos.
“Ih ari nu gejul” mang Manta kukulutus, tapi kituna téh bari nyéréngéh.
“Dimana cenah euy arék ijénna téh” ceuk aki Sukri
“Nya di buruan imah Bapung atuh ki, pan didinya mah lalega” tembal si Jaéd bari ngarérét ka si komar nu keur éléngéh.
“Lain di dieu cenah?” ceuk Nyi Arum bari ngangais anakna.
“Wah kuriak warung ibi ajur atuh ka dupak anu jogol mah” bi Cioh rada muncereng.
“Enya di imah Bapung, hayu atuh ah” témbal si Komar. Atuh bring jalma ngabring muru imah Bapung Argawi. Datang ka imah Bapung kasampak jalma geus pating garimung.
“Geuning euweuh euy si Bapungna ogé” ceuk mang Manta bari eu’euleugeugan nempoan ka jero imah Bapung Argawi nu nararutup.
“Tadi aya juma’ahan weuh?” ceuk Suma tarik.
“Asa euweuh euy. Euweuh nya Manta” ceuk mang Entur bari malik ka mang Manta
“Teuing da déwék mah teu jumaahan euy” tembal Mang Manta ngabalieur.
“Bedus siah. Ngaku wé Islam” ceuk mang Entur bari ngalieus, mang Manta ukur ngabéléhém rada éra.
“Ceuk bi Ula mah cenah rebun-rebun ararinit jeung pamajikanana, mawa gemolan jiga anu arék pindah cenah, lain kitu bi” ceuk Jamhari ka bi Ula nu ti tatadi pada nanya, da bubuhan tatanga deukeutna ka Bapung Argawi.
“Ih puguh heueuh. Ditanya ku ibi téh tibang éngab némbalan na ogé, jiga nu rurusuhan kitu..” tembal bi Ula meni asa pangna wé boga béja kitu téh.
“Boa arék tarung na di nu jauhnya”
“Teuing mun kabur mah euy, sieuneun jawara urang jampang wétan téa…tapi piraku nya kapan manéhna mah boga ajian brajamusti sagala” ceuk ki Udori bari ngarangsodkeun calana kolorna nu rék morosot.
‘Is ké heulaanan Pantar Bapung kudu jejerih mah, palinggé keur ka cai meureun” si Dadun némpas. Antukna jalma jadi sahéng, ceuk itu kitu ceuk ieu kieu…sabot jalma ramé galécok, si Komar noél ka si Jaéd
“Alah siaah, gara-gara kalakuan manéh tah Jaéd, si Bapung meni mabur kitu euy sieuneun jawara Jampang” pok na ngaharéwos.
“Ssst tong loba omong, ngéwa tuda déwék mah, ari ngarahul téh sok kaleuwihan”
“Emang manéh apal ti saha mun Bapung Argawi ngawadul”
“Alaaaah teu kudu bupang bapung sagala lah. Kapan mang Argawi téh tatanggana mitoha déwék di Cikohkol, tukang bajigur di ditu mah, hayoh maké ngaku-ngaku jawara ti tatar wétan sagala, sebel tuda déwék mah.”
“Paingan…”
Cukang Kawung, 2007.
Basa hujan ninggang Bandung
2007

Cukang kawung,,,,,asa apal eta tempat, dimana nya !!!!!!!
BalasHapustempat dimana kita dibentuk dan ditempa dengan segala keterbatasan dan segala kesombongan di masa muda yang begitu cemerlang....dari sana pula kita bisa lebih menikmati masa dewasa muda kita sekarang.
BalasHapusPami bapung teh sebatan kanggo jamli kumaha ?
BalasHapus