kasarad

cerita pendek ini dimuat di majalah online "salaka" edisi September 2010

KASARAD

ku Mang Japon

Basa panonpoé manceran luhureun sirah, Ubéd masih ngaragameneng di basisir kidul, sasakali ombak laut noélan sukuna, atawa kadang méh nepi kana tengah bitisna. Tapi Ubéd tetep ngajentul bari merong ka tengah laut. Pikiranana masih leleb mikiran kajadian bieu, basa manéhna paguneman jeung Malin Kundang.
“Manéh nu ngaran Ubéd téh?”ceuk Malin Kundang harita.
“Sumuhun. Tapi saha atuh andika?” témbal ubéd harita, héran nempo jalma nu ujug-ujug aya hareupeunana bari maké papakéan nu teu ilahar pikeun ubéd.
“Aing Malin Kundang, ngahaja nepungan manéh” ceuk Si anyar pinangih nu ngaku ngaran Malin Kundang téh. Ubéd masih ngahuleng sajongjongan, pok kadéngé jalma nu ngaku Malin Kundang the nyarita deui
“Manéh apal ka Malin Kundang, lin?”
“Mun teu salah Malin Kundang téh jalma anu doraka ti indung”
“Tah geuning nyaho. Nya aing pisan jelemana nu ceuk batur doraka ti indung téh”
“Tapi sakanyaho kula, da Malin Kundang mah ayana lain di dieu, tapi tuh di sebrang lautan itu, jeung da moal bisaeun nyarita ku bahasa Sunda. Mustahil. Kapan Malin Kundang mah enggeus disapa jadi batu” tembal Ubéd
“Nu jadi batu mah Si Malin Kundang, sedeng kula mah Malin Kundang tetep bisa kamamana, bisa ka Amerika, ka Jepang, ka Ustrali, ka Irak ogé bisa. Bisa eunteup na haté singsahabaé” ceuk éta jalma nu ngaku Malin Kundang téh.
“Ké tadi anjeun nyarita yén rék nepungan kula, aya naon atuh” ceuk Ubed bari nyusut kesang nu ngadak-ngadak renung na luhur irung.
“Kula ngadéngé manéh sasambat”
“Tapi da kula mah teu nyambat anjeun. Nu disambat ku kula mah Nyi Loro Kidul” témbal Ubed
“Sarua. Taya bédana kaula jeung Roro Kidul, gerentes haté hideung anjeun mawa béja, yen anjeun keur sumambat ka alam peteng”
“Teu bisa. Rorokidul lain jalma doraka kawas anjeun, jeung barinagé niat aing mah hadé rék ngahadep nyi rorokidul téh” tembal Ubéd rada nyeuneu
“Tapi anjeun ge jalma doraka” Malin Kundang megat omongan Ubed jiga nu ngécé.
“Aéh na maké ngomong kitu anjeun” Ubed beuki ambek.
”Rek teu doraka kumaha sia téh, ngadon hayoh muhit ka rorokidul”
”Kumaha kula wé, tuh nu doraka mah nu osok korupsi, matak aing balangsak pantar keu gé kapan akibat sagala beak, aing dipajeg ku nagara, éh ngadon hasilana dikorupsi, nu kitu nu dosa mah deuleu!”
”Ha ha ha aya benerna ogé euy. Ha..ha…ha..” ceuk Malin Kundang ngagakgak seuri, lalaunan awakna endag-endagan tuluy ngaley jadi cai laut. Ubéd tetep ngahuleng di sisi laut. Ubed masih uleng mikiran kajadian bieu. Dipikiran angger teu kapikir naon nu karandapan bieu, nu diondang Rorokidul nu datang kalah kah saha boa. Keur kitu rentang rentang aya jalma nyampeurkeun, anehna datangna bet ti tengah laut. Jog anjog kahareupeuna.
“Ilaing nu ngaran Ubéd téh? Ceuk nu anyar datang.
“Enya. arék naon kitu” témbal ubéd bari malik nanya.
“Rek ngajak balik ka maneh. Malar naon ngajentul di dieu”
“Kula keur ngadagoan Roro kidul. Andika saha atuh, maké wawuh ka kula”
“Aing Si Kabayan” cenah bari memener iket nu hurung hérang.
“Na da Sikabayan mah ngan aya dina carita, jeung mun aya ogé moal ginding kieu” tembal Ubéd asa di ulinkeun.
“Bener, ngan aing bisa datang ka saha waé jelema”
“Kula tetep teu percaya. Andika ulah aakuanan. Sakanyaho kula Si Kabayan mah jalmana beuki heureuy, lain porongos jiga andika kieu”
“Nu sok heureuy mah andika, ngadon cinekul ngadagoan Rorokidul didieu”
“Montong ngaheureuyan aing, andika!” ubed nyeuneu, keur mah eukeur tadi tas diheureuyan ku Malin Kundang.
”Montong gedé ambek atuh, kula héran arék naon atuh saényana manéh ngajentul didieu hah?” ceuk éta jelema teh adem ayem
”Aing geus lila hirup balangsak, aing geus bosen katalangsara, tah ceuk béja mun hayang leupas tina kasangsaraan aing kudu menta ka nu goib, aing inget ka Rorokidul, kapan baheulagé raja Mataram datang ka nyai Rorokidul Geuning hirupna nanjung, aing mah moal arék ménta jadi raja, tapi arék ménta duit baé, aing hayang nyieun pabrik améh barudak teu ngalangur” témbal Ubed panjang lebar.
”Ari sia jiga nu weureu Gadung, jiga nu teu neureuy bangku sakola, ménta duit mah tuh ka bank lain ménta ka Rorokidul, belegug sia mah” ceuk nu ngaku kabaya téa bari melak cangkéng.
”Memang aing teu sakola, mahal sakola téh jang pantar aing mah deuleu, mending duitna paké nyatu. Halik andika ulah ngaganggu ka aing bisi dibajég siah” Ubéd beuki ambek.
Sikabayan kalah ngagakgak bangun ngeunah, lalaunan awakna méréhpélan rabeng jadi kalakay katiup angin.
Ubéd masih tetep ngajanteng basa ombak mimiti naék. Ubéd masih tetep Cinekul basa ti belah Kalér karéta kancana nu di rurub lawon héjo ngadeukeutan. Ubéd masih ngaragameneng basa awakna di hanjatkeun kana éta karéta. Ubéd masih ngahuleng basa sora ombak ngajauhan, hawar-hawar ku Ubed kadéngé, sora jalma singgeredeng.
“Angkat lalaunan Astajip, kadé tikait tah sukuna,”
”Aya kituna nya Si Ubéd, Hayang beunghar kalah hayoh ngadon tapa disisi laut”
”Nukitu téa mah éta kuncen Ajo tuda”
”Ceuk kuring kuncen Ajo mah teu salah, nu salah mah éta nu ngagasab duit nagara”
”Har naha jadi los kadinya, Sarkowi?”
”Heu’euh pan rakyat baralangsak téh akibat pajabatna korup, nepika Si Ubéd sasar ogé alatan éta, balangsak”
”Kasarad téa meureun ieu teh nya ki Juhro”
”Jigana kitu, amit-amit”



Bandung wanci lohor, Juli 2010

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Ole-olean

Bioskop Dalam Kenangan

Pijat Bayi