Ole-olean

dimuat di Majalah Cupumanik no. 87 Oktober 2010

Béh ditu mah lamun urang tatanén melak paré téh sok matuh waktuna, biasana mitembeyan téh sok dina panangalan Jumadil Awal, atuh dina panangalan bulan Rewah geus ngamimitian usum panén. Kajang paranti moé paré disiapkeun, étém diasah sangkan seukeut keur nyebit paré, da baréto mah ari ngala paré téh tara ku arit cara ayeuna. Kabéhdieunakeun mah waktu tatanén téh teu bisa ditangtukeun, kadang-kadang bulan Hapit mittembeyan atuh bulan Sapar geus bisa dibuatan, éta téh disapagodoskeun jeung waktuna usum hujan baé.

Tah Baréto mah lamun usum panén kitu téh pangulinan barudak ogé sok milu pindah ka s
awah, ngadon ngarala jarami dijarieun olé-oléan. Puguh matak resep tur nineung mun urang nyawang mangsa katukang, geura teu rék kitu kumaha sora olé-oléan téh meni raéng patémbalan dilagu-lagukeun, barudak téh nariupna aya nu dina galengan, aya ogé nu dina saung rangon. Sok lucu geura mun nénjo pipina nu kembu ari keur niup olé-oléan téh. Ari barudak awéwéna sabari nyieun bobonékaan atawa gugunungan tina jarami téh sok réang karakawihan patémbalan jeung pada baturna. Kieu kakawihana teh:

Olé-olé ogong
Melak cabé ditarogong
Dihakan ku embé ompong
Di téang kari sapotong…

Sabenerna mah olé-oléan téh kaasup kaulinan nu sifatna musiman, ayana ngan dina usum panén baé. Ari olé-oléan téh dijieuna tina tangkal paré, nu biasana disebut jarami téa, ngahaja jang olé-oléan mah dipilihan nu diala téh jarami lantas atawa bungbas, tuluy diteukteuk lebah bukuna, panjangna kira-kira sapuluh sénti atawa mun diukur kucuruk mah moal kurang ti sacuruk atawa moal leuwih ti sacuruk satengah. Geus meunang neukteuk mah tuluy di pencét sina remék palebah handapeun bukuna bari rada dirikeskeun, mun kaparengan péso atawa étém keur teu dipaké bisa waé disebit saeutik sina nyéngkéd dina palebah handapeun buku jaramina. Biasana mun hayang alus sorana, saméméh ditiup téh sok dirojokan heula ku jukut Carulang atawa ku jukut Jajagoan, malah ku jarami nu ukurana leuwih leutik ogé alus, tah dina ngarojokanna ogé teu sagawayah, da kudu maké aya jampéna sagala, barudak jaman harita mah kabéh ogé jigana arapaleun. kieu tah geura:

Géléng-géléng siki nangka
digéléng bari disada.
Ojok-ojok aung-aung
Ngarojokan nu disaung
Ojok-ojok uat-uat
Ngarojokan nu dibuat
Puah! Puah! poong.

Biasana mun hayang leuwih alus, nu barudakna geus rada gedé mah tungtung olé-oléanana téh sok disambung maké daun kalapa dibeulitkeun ngabentuk jiga tanduk munding, mun ditiup téh sorana sok jadi leuwih tarik, teu béda jauh wé kumaha sora tarompét.

Hanjakal kaulinan samodél kitu téh ayeuna mah geus hésé manggihan, boa bisa disebut punah malah, éta wé geura mun sakalian nanya ka barudak ayeuna, da ngaringeuh atuh, bororaah bisa nyieun olé-oléanana, dalah ngadéngé ngaranna ogé jigana geus ahéng. Geura wé ayeuna mah nu kasebut dipilemburan ogé mun usum dibuat téh dimana kudu kadéngé aya sora olé-oléan sagala, kapan barudak ayeuna mah bororaah hayang arulin ka sawah, rajeun dititah nganteuran ku kolotna ogé mumul, padahal kaulinan samodél kitu téh mibanda ajen anu kacida hadéna, salian ti ngadorong kana kréativitas, ogé barudak téh bisa leuwih sauyunan silih mikawanoh jeung papada baturna, ngariung macangkrama bari deukeut jeung alam lingkungana, nu engkéna bisa ngabentuk pribadi positif éta budak.

Sabenerna kaulinan jaman baréto loba pisan rupana, samodél Babancakan, Galah, Turih oncom, Paciwit-ciwit lutung, Tatarucingan, Soldah, Ucing hui, Ucing babét jeung réa-réa deui, hanjakal kadieunakeun mah éta sababaraha kaulinan téh bet kalindih ku kaulinan anu modern, samodél maén game atawa play station téa (PS) padahal mun ku urang dititénan kalawan daria, dina kaulinan modern éta téh asa loba sifat négatifna batan positifna, contona baé dina PS barudak diajar nandasa atawa maéhan batur, umpamana dina gamé perang, kapan budak sacara teu sadar dididik jadi telenges. Salian ti kitu bisa ogé nuwuhkeun pasifatan individualis, kulantaran geuning ari kaulina kitu mah budak téh bisa sapoé dongrét anteng ulin sorangan di jero kamar, nu antukna bisa waé mangaruhan kana karakter éta budak, sok horéam pagempungan atawa mibanda sifat nu rada égois, ngarasa teu butuh ku babaturan.

Béda jeung kaulinan baheula, contona olé-oléan téa, maén Galah, atawa ucing-ucingan, salian ti mibanda ajén latihan jasmani téh, ogé barudak bisa leuwih akrab jeung budayana, loma dina komunikasi jeung papada baturna, tur teu ngabiasakeun atawa nimbulkeun budaya konsumtif, coco’oan téh bisa nyieun kusorangan baé teu kudu meuli, béda jeung kaulinan barudak ayeuna nu sarwa digital, salian ti hargana mangjuta-juta téh, kaituna ogé sok ngadirihdil, ayeuna usum PS 1 teu lila geus jebul PS 2 nu cenah leuwih canggih, atuh budak téh sok rungsing deui baé hayang PS anu anyar, jaba mun cd atawa kasétna bosén téh kudu di ganti, ari diganti téa kapan kudu meuli deui waé, ari geus kitu jadi simalakama téa, mun teu meuli budak léwéh, mun meuli bapana anu léwéh.

Basa balik ka tatar Jampang, 13-09-2010.

Japar Sidik (Mang Japon)

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Bioskop Dalam Kenangan

Pijat Bayi