Simpé

Léngkah manéhna atra ngolébat dina kongkolak mata

Moal diudag sanajan kuring leuwih awas

Leuh…. Ngan sakieu kawani nu ngagedur téh

Nu ti harita geus ngaguruh jeroning dada

 

Imut manéhna mulas poé nalika hujan

Moal dipupus sanajan kuring ngabatin

Leuh…. Ngan sakieu kawani nu harita kakoncara

Ayeuna kari ikhlasna ngaleupas manéhna

 

Peuting ieu manéhna datang ngétrok jandéla haté

Hamo dibuka sanajan sono

Leuh…. Keun rék diantep

Sina jadi galindeng haté nu simpé

 

Yudi Hamzah, 2022

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Ole-olean

Pijat Bayi

Bioskop Dalam Kenangan