Jeger Terminal
(dimuat dina majalah Balebat edisi no. 16 )
Sora adan asar di masjid kaum kuloneun terminal kadéngé atra pisan. Bubuhan teu sabaraha jauh jarakna, ngan saukur aya kana saratus atawa duaratus méterna ti terminal, malah pipirna ogé atra katingali. Poé éta di jongkona Si Godég, nu aya di beulah wétanneun Masigit Kaum, gigiren kantor kacamatan, témbong aya tilu urang jajaka nu keur ngalobrol bari dariuk na bangku hareupeun jongko. Kadéngé nu baju konéng cumarita.
“Arék moal donaturan téh, brig? Déwék geus hayang geura nginum yeuh”
“Na ari sia meni bawél, kadieukeun atuh goblog duitna.” Témbal nu dianting dina irung, garihal. Kusiwel nu baju konéng ngodok duit na pésak, sok dibikeun ka Si Anting na irung.
“No, tambahan tah gocéng deui.”
“Sok baé nyokot heula kadinyah, Dég aya topi miring?” Ceuk nu disebut Bruno ka Si Godég nu keur anteng kutrat kotrét, sigana keur mariksaan saha waé nu boga hutang..
“Aya. Sok baé kajarero.” Témbalna bari nunda kotrétanna. Kojéngkang asup ka jero jongkona, dituturkeun kunu tiluan.
“Sabaraha botol?” Ceuk si Godég.
“Tilu wé, Intisari hiji.” Témbal Si Anting na irung bari muka jakét.
“Kumaha jadi euy dangdut di Purabaya téh.” Ceuk nu baju konéng.
“Dulur sia lain Gibrig nu hajatna ogé?” Sambung Si Bruno bari nyabut roko tina cangkangna. Manahoréng nu ditindik na irung téh Si Gibrig katelahna, minangka jéger di terminal éta. Ari nu duaan deui Bruno jeung Si Odéng, batur baragajulna.
“Puguh we.” Némbalan péndék. Keur kitu sok Si Godég nunda Topi Miring jeung Intisari na méja hareupeun nu tiluan. Teu antaparah deui top ku Si Gibrig Topi Miring dicokot, tuluy dicicikeun kana gelas nu manéhna. Lek diuyup bari rada cengir. Nyakitu deui nu duaan ogé papada ngeusian gelasna séwang-séwangan, sing laleguk nguyup cai haram.
“Anjis aing naék euy, rada lieur yeuh.” Ceuk Si Bruno bari ngadayagdag nyarandé kana korsi butut, Udud ngampléh na biwir.
“Montong réséh goblog!, kakarak ogé satengah gelas.” Si Gibrig muncereng. Leguk nguyup deui minumanna nepika saatna. Cur nyician deui gelasna nepika pinuh.
“Bakat Si Bruno mah mun nginum téh réséh.” ceuk Si Odéng sorana ngayayay jiga radio butut béakeun batré. Keur kitu bus aya nu asup maké kaos coklat, na tonggongna aya tulisan ku warna konéng. Si gibrig diukna ngésér, bari pok ngomong ngabagéakeun nu anyar datang.
“Kaleresan aya komandan yeuh, sok ah pa, tamba lieur.” Panona nu beureum kawas mata tukang teluh neuteup ceuleuyeu kanu anyar datang. ”Dég sabotol deui euy” cenah ka Si Godeg. Gék Si kaos coklat diuk gigireun Si Gibrig.
“Naon pa?”
“Aya Wiski.” Sorana beurat
“Ké antosan.” Témbal Si Godeg bari ngojéngkang muka lomari leutik. Teu lila sok nyimpen botol gépéng meunang muka na luhur méja.
Di Masjid Kaum kadéngé sora nu komat, teu lila ngong sora imam maca Fatihah, sorana alon sumerah ka nu kawasa.
Peutingna, kira-kira méméh Isa éta terminal leutik téh ramé ku barudak ojég nu ngaralong. Kapan mobil angkot mah ti jam lima ogé geus euweuh. Angkutan téh peuting mah ngan ukur ojég baé. Ma’lum kota leutik, malah mun ditilik tina kaayaan mah can manjing mun disebut kota leutik ogé, kapan mun seug arék ka kota Sukabumi ogé kudu méakeun waktu dua jam. Jigana cocok kénéh disebut kampung. Tapi kétah ari rék disebut kampung, da geuning sabangsa minuman keras gé aya, atuh paripolah wargana teu béda jeung urang kota. Malah aya onjoyna mun diperhatikeun mah, onjoy sotéh na palebah hal négatifna. Meureun cocogna mah ieu téh nu disebut daérah transisi téa, sok resep nurutan batur nu dianggap modérn tea.
Keur kitu durutdut aya motor, rég eureun hareupeun tukang bubur ayam. Jut nu narumpakna tarurun, tiluan. Nu saurang digondéng ku nu kaos koneng, ari nu saurang deui leumpangna salaton. Galéong gubrag tikusruk deukeut bapa-bapa nu keur padungdengan adu tawar arék ngojég ka Si Aho. Si Bapa reuwaseun, gentak muru nu tikuksruk. Gap dicekel leungeuna bari tuluy nu tisuksruk téh diangkat.
“Aéh, kunaon ujang. Gering ujang téh?” Pokna bangun watir.
Na atuh ari haok téh nu tikusruk nyentak bari cengkat.
“Goblog siah. Aki-aki teu uyahan, aing diréngkas deuleu. Ditusuk siah ku aing!” Ceuk manéhna bari ngaluarkeun péso tina balik bajuna. Mungguh matak kagét pikeun Si Bapa.
“Eum, naon ujang, bapa mah karunya baé ka ujang. Panya téh gering. Teu pisan-pisan ngaréngkas, ujang.” Ceuk Si Bapa bangun nu reuwas kacida. Si Aho ngaharéwos ka Si Bapa.
“Pa énggal singkahan. Si Gibrig tatéh nuju mabok.” bangun nu hariwang. Sieun kumaonam. Na atuh ari sirilik téh baturna Si Gibrig narajang ka Si bapa. Manahoréng Si Bruno. Peureupna ngahiuk bangbaraan kana irung Si Bapa, ngan édas Si Bapa rancingeus ngagiwar, bari kek peureup Si Kumis dirampid, tuluy ditongtak. Suku katuhu asup mapag hulu angen Bruno. hekg!. Tu’ur Si Bapa nengel kana hulu angen. rumpuyuk Si Bruno ngarumpuyuk teu walakaya. Kumis nu asalna baplang dadaksakala jadi koyop lir kumis hurang. Orolo utah, da puguh titadi ogé geus lanjung akibat minuman keras, katambah didagor tu’ur .Atuh puguh pédo. Nempo baladna nambru Si Gibrig napsu, daligdeug, daligdeug manéhna nyampeurkeun Si Bapa nu taki-taki.
“Manéh arék ,hkg, nyekel di dieu, hkgk,.. lawan heula aing, hkghk” Cenah pegat-pegat ku piutaheun nu nyelek na gengerongna.
“Ih, ari ujang bapa mah tadina ogé arék nulungan, nyekel sotéh arék ngahudangkeun ujang.” Témbal Si Bapa. Dasar nu mabok diomongan téh lain sadar anguran beuki ambek. Bari jeung sirah asa muter ogé maksakeun ngaheumbatkeun péso balati buatan Cibatu kana harigu Si Bapa. Ngan orokaya Si Bapa rikat nyagigirkeun awakna, dibarung ku ngetig tungtung leungeun Si Gibrig nu nyekel péso. Pletak, cleng péso ngacleng tina leungeun Si Gibrig, jolongjong gubrag, manéhna nambru kabawa ku tanaga sorangan. Nambru deukeut tukang bubur. Karasa sirahna beuki beurat. Ambekan asa eungap lir anu di tindihan ku batu sakintal, dada panas asa dirérab tur ratug teu puguh, bumi alam asa muter, téténjoan asa hurung. Orolo manéhna utah. Tina sungutna kaluar getih lalambaran. Nu araya didinya juljol nyarampeurkeun, ngariung ngawaskeun nu keur sakarat. Orolo Si Gibrig utah getih deui, jigana akibat loba teuing nginum minuman keras, napasna ngahanju, panon bolotot beureum jiga siki Saga. Nu nyaksian ukur olohok, dua baturna ukur mencrong bari andiprek, Si Gibrig selang-seling, nu narempo ku manéhna katinggali jadi béda. Nu rajeg nagtung ku manéhna katinggali marawa Gegendir, na tonggongna katémbong jarangjangan, sing séréngéh némbongkeun huntuna anu rangéténg sarareukeut.
Di kuloneun terminal kadéngé sora muazin ngagero jalma-jalma pikeun ibadah sumerah diri kanu Maha Agung, kanu nyiptakeun, sakabéh mahluk hirup nu kumelip di ieu alam.
Si Gibrig ngahanju, panon molotot ka beulah luhur, kerejet, kerejet. Pulahék Si Gibrig ngaleupaskeun nyawa,
Keur kitu kadenge nu ngagorowok.
“Nyingray, nyingray saya rék mariksa.” Ceuk nu anyar datang. Gog nagog gigireun layon, gap ngarampa leungeun Si Gibrig.
“Geus paéh. Saha nu mergasana?” Ceuk nu anyar datang, nu maké saragam coklat, nanya. Kaambeu tina sungutna ngahéos bau alkohol. Rét ka Si Bapa nu keur nangtung deukeut Si Aho, katingali beungeutna pias. Pok Si saragam coklat nyarita.
“Manéh Mang, milu ka kantor.” Cenah bari ngaluarkeun bangkol
Di beulah Kulon, di Masjid Kaum kadéngé barudak pupujian, pupujian méméh komat. Méméh ngahadep sumembah ka nu Maha Kawasa.
Eling-eling umat
Muslimin muslimat.................
Japar Sidik
Padalarang,10 – 07 – 2010

Komentar
Posting Komentar